Posted by : Diyon Prayudi Kamis, 09 Juni 2016

NOVEL SARTA APRESIASI PROSA FIKSI

MAKALAH

Diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji pancen mata kuliah Sastra Budaya Sunda anu diampu ku dosen Deni Suswanto, S.Pd., M.Pd


Ku:
Diny Siti Hardianty (1125030074)
Diyon Prayudi (1125030076)
Dudi Ahmad
Dini Mustika






UNIVERSITAS ISLAM NEGERI SUNAN GUNUNG DJATI BANDUNG
2013
PANGJAJAP

           Puji syukur urang sanggakeun ka Allah SWT ku jalanan rahmat sareng inayah-Na panyusun bisa ngaréngsékeun ieu makalah Budaya Sunda anu judulna Novel sarta Apresiasi Prosa Fiksi. Makalah ieu diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji tugas Mata Kuliah Sastra Budaya Sunda di Jurusan Bahasa dan Sastra Inggris di Universitas Islam Negeri Sunan Gunung Djati Bandung.
               Panyusun sadar, ieu makalah jauh tina kasampurnaan, ku kituna kritik sareng saran ti sadayana anu sifatna ngawangun dipiharep pisan ku simkuring saparakanca.
                       Pamungkas, ngahaturkeun nuhun kasadayana anu ilubiung dina lumangsungna ngadamel ieu makalah, mugia Allah SWT nangtayunan urang sadaya. Amin.

                                                                                       Bandung, September 2013

                                                                                                      Panyusun



DAFTAR EUSI

Pangjajap i
Daftar Eusi ii
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah 1
1.2 Watesan Masalah 1
BAB II PEDARAN
2.1 Watesan Novel2
2.2 Kamekaran Novel Sunda2
2.3 Wanda Novel3
2.4 Tema Novel Sunda4
2.5 Watesan Apresiasi5
2.6 Unsur Intinsik Prosa Fiksi5
2.7 Unsur Ekstrinsik Prosa Fiksi6
Daftar Pustaka12




BAB I
BUBUKA

1.1                 Kasang Tukang Masalah
Prosa fiksi nyaeta carita rékaan dina wangun lancaran. Disebut wangun lancaran ku sabab wangunna teu kauger ku guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina sapadana, purwakati atawa  ngolah wirahma  saperti dina pupuh.
Dumasar kana waktu gumelarna, prosa téh aya prosa buhun jeung prosa modern. Prosa buhun ngawengku dongéng jeung carita wayang. Ari nprosa modern mah ngawengku carita pondok (carpon), novel, jeung éséy.
Nyaritakeun ngeunaan prosa fiksi modern hisusna novel, panyusun kataji pikeun neuleuman deui ngeunaan novel sarta apresiasi prosa fiksi anu sakabéh hasilna baris dipedar dina ieu makalah.

1.2              Watesan Masalah
1.               Naon ari watesan novel téh?
2.               Kumaha kamekaran novel sunda téh?
3.               Naon waé wanda novel téh?
4.               Naon wae tema novel sunda téh?
5.               Naon ari watesan apresiasi téh?
6.               Naon waé nu kaasup unsur intrinsik prosa fiksi?
7.               Naon waé nu kaasup unsur ekstrinsik prosa fiksi?

BAB II
PEDARAN


2.1 Watesan Novel
               Novel téh nyaéta carita rékaan anu mere kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranna panjang. Kajadian anu dicaritakeu dina novel biasana sok sambung-sinambung. Novel biasana nyaritakeun hiji kajadian anu dianggap penting dina kahirupan sapopoé.


2.2 Kamekaran Novel Sunda
           Asupna novel kana sastra Sunda téh mangrupa pangaruh sastra barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra sunda nyaéta Baruang kanu Ngarora karangan Daéng Kanduran Ardiwinata (D.K. Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novel munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar, anu terbit taun 1920, leuwih tiheula genep taun. Jadi kurang merenah umpama novel dina sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia.
           Novel di tatar Sunda téh jauh leuwih awal tibatan dina sastra Melayu jeung sastra daérah séjéna. Hal ieu téh patali jeung lokasi tatar Sunda nu pang deukeutna jeung pusat pamaréntahan di Betawi dina alam harita.
           Ayana penerbitan nu harita diadegkeun ku pamaréntah Walanda, Commissie voor de Volkslectuur, nu ayeuna jadi Balé Pustaka, nu diadegkeun dina taun 1908, mangrupa hiji badan nu mantuan hirup  suburna pangarang-pangarang jaman harita.


2.3 Wanda Novel
                       Disawang ti pamacana, novel dina dina sastra Sunda bisa dipasing-pasing jadi tilu rupa, nyaeta:
a.             Novel Barudak
Novel barudak nyaéta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak.
Masalah anu dicaritakeunana masalah anu raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui cara nyanghareupan jeung ngaréngsékeun éta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak. Palaku utamana ogé tangtu barudak.
                       Umumna novel barudak dina sastra Sunda, ngan palaku utama jeung masalahna anu “barudak” téh. Tapi dina lebah mikit jeung cara ngaréngsékeun masalahna, sacara kajiwaan henteu cara umumna barudak. Lebah dinya mah ibarat jelma déwasa make awak barudak.
b.               Novel Rumaja
Novel rumaja nyaéta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja.
Kitu deui palaku utamana ogé para rumaja. Di urang novel rumaja téh henteu loba. Conto sastrawan novel rumaja nyaéta Eddy D. Iskandar nu judul novelna Cinta Pabaliut. Nepi ka danget ieu, tacan aya panalungtikan sacara husus ngenaan novel rumaja dina sstra Sunda.

c.                Novel Déwasa
Novel dewasa nyaéta tangtu baé diajangkeun pikeun anu geus déwasa
(sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus déwasa. Kitu deui jeung palaku utamana. Dina sawatara novel aya bagian-bagian anu kurang merenah umpama dibaca ku barudak. Umpama bae bagian anu nyaritakeun peuting Munggaran Karnadi jeung Eulis Awang dina novel Rusiah nu Goreng Patut karya Yuhana jeung Sukria.


2.4 Tema Novel Sunda
               Dumasar kana témana jeung masalah anu dicaritakeunna, novel Sunda bisa ssipasing-pasing jadi sababaraha rupa, nya éta:
a.               Novel Silihasih
Novel silihasing nyaéta novel anu eusina nyaritakeun cinta asmara palaku
utamana. Contona novel Lain Eta karangan Moh. Ambri.
b.               Novel Kulawarga
Novel kulawarga nyaéta novel anu eusina nyaritakeun masalah kulawarga
palaku utamana. Contona novel Puputon Karangan karangan Aam Amilia.
c.                Novel Sosial
Novel sosial nyaéta novel anu eusina nyoko kana maslaah sosial, saperti
kateureugeujeungan, atawa gejolak social dina hiiji mangsa. Si palaku bisa jadi mangrupa subyék, atawa saksi éta kaayaan. Contona novel Lembur  Singkur karangan Abdullah Mustappa.
d.               Novel Misteri
Novel misteri nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung
rusiah anu biaasana kabuki dina ahir éta carita novel. Umpamana baé néangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan séjéna. Contona novel Laeur Bodas karangan Samsu (Smbas jeung Susangka).
e.                Novel Sajarah
Novel sejarah nyaéta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sejarah. Boh
palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sejarah. Contona novel Pangéran
Kornél jeung Mantri Jero karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.
f.                Novel Jiwa
Novel jiwa nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung
jiwa palaku utamana. Contona novel Arca karangan Ningrum Julaéha.

                                               
2.5 Watesan Apresiasi
Apresiasi nya éta prosés neuleuman kana hij hal nepika bisa ngararasakeun hadé- goréngna éta karya. Istilah aprésiasi biasana dilarapkeun kana karya sastra hususna prosa. Kukituna, nu dipedar téh ngeunaan wangenan aprésiasi nu aya patalina jeung aprésiasi prosa.

2.6 Unsur Intrinsik Prosa Fiksi
           Unsur intrinsik téh  nyaéta unsur-unsur nu ngabangun karya prosa fiksi nu aya dina teks prosa fiksina. Pikeun  prosa, saperti novel unsur-unsur intrinsikna nyaéta:

1.                Téma
Téma téh nyaéta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi. Pikeun nangtukeun hiji téma, urang kudu maca éta carita sagemblengna.

2.                Palaku
       Palaku atawa tokoh carita nyaéta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan anu ngalakon dina carita (dongéng, carita pondok, novel, carita pantun, jeung wawacan) satawa drama. Loba saeutikna carita gumantung kana kabutuh caritana baé. Umumna palaku dina carita pondok leuwih saeutik tibatan palaku dina novel. Kitu deui palaku dina dongvng leuwih saeutik batan palaku dina wawacan atawa carita pantun. Palaku salilana aya dina carita-carita anu ngalalakon. Eta sababna sanajan wawacan jeung carita pantun téh ditulis dina wangun ugeran, tapi milu kabahas di dieu. Lantaran boh wawacan boh carita pantun duanana ogé ngalalakon.
                       Dumasar kana kaluguhanana atawa pentingna peran masing-masing, dina carita palaku téh bisa dibagi jadi tilu rupa.
a.                Palaku Utama
Palaku utama atawa palaku kahiji, disebut ogé protagonist, nyaéta palaku anu nyekel peran ti awal nepi ahir. Tokoh protagonist biasana ngabogaan karakter anu pikaresepeun, pikayungyuneun, cindekna tokoh nu bageur.masalah atawa kajadian dina carita the museur ka dirina. Sanajan bisa jadi éta masalah téh lain masalah manéhna hungkul.

b.             Palaku Kadua
Palaku kadua atawa palaku tambahan nyaéta palaku anu marengfan, maturan, atawa jadi lawan palaku utama. Upama éta palaku kadua téh lawan palaku utama, sok disebut antagonis. Biasana karakter tokoh antagonis sok réhé, pikasebeleun, anu cindekna mah tokoh jahat. Hubungan jeung tokoh utama bisa raket saperti sobat dalit atawa kabogoh, bisa ogé anu teu wawuh-wawuh acan. Bisa dulur pet ku hinis, bisa ogé nu teu hir teu walahir. Dumasar kana réana palaku kadua ogé bisa leuwih ti saurang.
c.             Palaku Tambahan
Palaku tambahan nyaétapara palaku anu peranna teu pati penting. Biasana palaku tambahan dipikabutuh pikeun ngalancarkeun carita ngahirupkeun suasana, nonjolkeun karakter palaku utama atawa palaku tambahan, malah bisa jadi ngan ukur ngaliwat hungkul.

3.             Latar
Latar téh aya tilu rupa nyaéta latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana. Latar tempat nuduhkeun dimana kajadian lumangsung, latar waktu nuduhkeun iraha kajadian lumangsung, ari latar suasana mah nuduhkeun kumaha kaayaan atawa suasana basa kajadian lumangsung.

4.             Galur
Galur atawa alur atawa plot the nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Cara midangkeunanana diluyukeun jeung tujuan anu hyang dihontal ku pangarangna. Ditangtukeun heula pandeurina, hubungan kajadian nu hiji jeung nu séjénan. Alur umumna diwangun ku sababaraha unsure saperti dihandap ieu.
(1)             Bubuka
Bagian bubuka disebut ogé manggalasastra, nyaéta bagian anu nyaritakeun latar tempat, waktu, katut palakuna. Minangka ngawanohkeun Aanu rék ngalalakon katut kasang tukang sejena dianggap perlu.
(2)                Muncul Masalah
Sanggeus réngsé bagian bubuka, carita bagerak nepi ka timbul masalah
(konflik). Jalanna rupa-rupa. Masalah bisa timbul antara palaku utama jeung palaku kadua, jeung lingkunganna, atawa anu timbul ti diri si plaku utamana sorangan. Hartina masalah bisa timbul ti saha baé jeung timana baé.
(3)                Masalah Muncer
Masalah téh mimiti ngalobaan, atawa ngajeroan, nepi ka muncerna. Bagian ieu mangrupa puncer kajadian dina carita tina runtutan kajadian saheulaeunana, anus ok disebut klimaks.
(4)                Ngaréngsvkeun Masalah
Masalah nu aya mimiti diréngsékeun. Carana bisa rupa-rupa luyu jeung tungtutan carita. Aya nu cara maehkeun salah sahiji palakuna, ngaleungitkeun hal anu jadi masalah téa, jeung sajabana.
(5)                Pungkasan Carita
Pungkasan carita biasana ogé disebut denouement, mangrupa tungtung kajadian carita. Rupaning rusiah geus kabuki, nu hianat geus katohyan, pancekadan geus lubar, kapanasaran geus dilakonan, jeung sajabana.
Henteu salawasna galur carita téh ngaguluyur saperti kitu. Nu matak dumasar kana wandana aya nudisebut galur mérélé, galur bobok tengah, jeung galur mundur.
a.         Galur Mérélé
Galur mérélé nyaéta galur carita anu ngaguluyur ti bagian ka bagian, ti mimiti manggalasastra nepi ka pungkasan carita. Umumna carita-carita heubeul ngagunakeun alur mérélé.
b.        Galur Bobok Tengah
Dina galur bobok tengah, henteu ngagunakeun manggalasastra atawa bubuka. Tara ngawanohkeun heula anu ngalakona, anu maca téh ujug-ujug dibawa ka tengah-tengah carita. Sakapeung pungkasan caritana ogé tara aya deuih. Nepi ka nutupkeun carita téh kudu dikitra-kira ku nu maca. Galur ieu loba dpaké ku pangarang sunda sabada merdeka. Mh.Rustandi Kartakusumah nyebut galaur bobok tengah téh gaya gebrus, kulantaran palaku téh loba saolah-olah langsung digebruskeun kana masalah.
c.                   Galur Mundur
Dina galur mundur carita téh dimimitian ku bagian pamungkas. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun atawa jadi pamuka pungkasan carita anu geus diheulakeun téa. Galur mundur biasa dicsebut ogé Flashback.

5.                   Amanat
Amanat téh nyaéta pesen ppangarang anu haying ditepikeun ka nu maca. Amanat téh aya anu nyamuni disatukangeun alur carita, aya nu dibékjakeun langsung. Pikeun nganyahokeun amanat hiji carita, urang kudu maca éta carita nepi ka rengsé. Ayakalana amanat nu ditepikeun pangarang téh reket patalina jeung téma carita. Amanat anu aya dina hiji karangan, bisa nimbulkeun rupa-rupa tapsiran.


2.7 Unsur Ekstrinsik Prosa Fiksi
Unsur ekstrinsik nya éta  unsur-unsur nu aya di luar aspek prosa fiksi, nu turut sarta ngabangun penyusunan karya prosa fiksi.
Unsur-unsur ekstrinsikna nyaéta:
1.          Nilai-nilai ti jero carita (agama, budaya, politik, ekonomi);
2.          Kasang tukang kahirupan pangarang; jeung
3.          Kaayaan sosial nalika carita éta diciptakeun.
BAB III
KACINDEKAN

1.               Novel téh nyaéta carita rékaan anu mere kesan lir enya—enya kajadian tur ukuranana panjang. Asupna novel kana sastra sunda téh mangrupa pangaruh sastra barat, utamana Walanda.
2.               Disawang ti pamacana, novel dina sastra sunda téh dipasing-pasing jadi tilu rupa, nyéta (1) novel barudak, (2) novel rumaja, (3) novel dewasa.
3.               Dumasar kanu témana, novel sunda dipasing-pasing jadi sababaraha rupa, antarana baé (1) silihasih, (2) kulawarga, (3) sosial, (4) misteri, (5) sejarah, jeung (6) jiwa.
4.               Prosa fiksi téh nyaéta carita rékaan dina wangun lancaran, saperti carita pondok, dongéng, jeung novel. Unsure-unsur prosa fiksi anu dipedar di dieu nyaéta (1) tema, (2) palaku, (3) galur, (4) latar, jeung (5) amanat.


DAFTAR PUSTAKA

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: CV Wahana Karya Grafika.
Sudaryat, Dede, dkk. 2007. Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Leave a Reply

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Popular Post

Blogger templates

Pages

Diberdayakan oleh Blogger.

- Copyright © Diyon Prayudi -Metrominimalist- Powered by Blogger - Designed by Johanes Djogan -